Postingan

Menampilkan postingan dengan label HUMOR

Cita-cita Jang Kamsuy

Gambar
Diajar Basa Sunda Guru : "Keur ngeusi pangwangunan bangsa, ayeuna barudak kudu leuwih soson-soson dina nyiar elmu pangaweruh, meh teu kasilih ku bangsa batur. Ulah nepi ka aya paribasa, "jati kasilih ku junti". Ku kituna hidep kabeh kudu boga cita-cita luhur, nya...!!!" Murid : " Sumuhun bu guruuu..." Guru : "Ayeuna ibu rek nanya cita-cita aranjeun saurang-saurang, nya. Naon cita-cita aranjeun jaga, cik Nining....!." Nining : "Abdi mah hoyong janten polwan bu, supados tiasa ngajaga masyarakat tur kulawarga". Guru : "Sae geuliiis. Sok ayeuna Onah". Onah : "Abdi mah hoyong janten bidan anu sholehah bu, supados tiasa nyehatkeun masyarakat oge ngurus kulawarga." Guru : "Emmh, aya ku payuuuus tah cita-cita teh, Nah. Ayeuna, kumaha ari Ecin?" Ecin : "Abdi mah hoyong muka toko grosir sembako bu, supados tiasa ngahasilkeun tur ngurus kulawarga." Guru : "Beu, mani kayungyun cita-cita teh Cin... Tah, a...

Juragan Pameget Saksina

Gambar
Juragan istri bendu uring uringan, rehna calana jero sababaraha potong leungit, mangkaning nu mahal, bermerk. Pajar teh anti cuci deuih teh da mahal...(hiiiyyy aah...!!/red) Ari cop hatena nuduh ka pembantu, pedah awakna saukuran jeung ceuk tatangga mah sarua seksi na jeung manehna. "Saha deui atuh  da euweuh awewe sejen diimah teh, aya oge budak awewe nu leutik keneh," ceuk dina hate jeung pikirna. "Tong teu ngaku !! Silaing geus maling calana jero dewek!! Mahal deuleu eta teh dualas juta salosin nyaho !! Atuh si Nyi Kenyot pembantu ngomong bari ceurik da ngarasa teu rumasa : "Ibu abdi jalmi teu gaduh, tapi daek medu, moal ari dugi ka maling lancingan lebet mah !!," bantah Nyi Kenyot sorana dareuda les-lesan. " Jujur siah tong ngabohong! asal jujur ngaku bari dibalikeun deui eta barang, dihampura ku kami !!," bentak dunungan nana bari panon na rada dibuka cingcirining keur molotot. " Leres ibu !! Upami teu percanten mah cobi geura Juragan Pamege...