Cita-cita Jang Kamsuy



Diajar Basa Sunda

Guru : "Keur ngeusi pangwangunan bangsa,
ayeuna barudak kudu leuwih soson-soson dina nyiar elmu pangaweruh, meh teu kasilih ku bangsa batur. Ulah nepi ka aya paribasa, "jati kasilih ku junti".
Ku kituna hidep kabeh kudu boga cita-cita luhur, nya...!!!"

Murid : " Sumuhun bu guruuu..."

Guru : "Ayeuna ibu rek nanya cita-cita aranjeun saurang-saurang, nya. Naon cita-cita aranjeun jaga, cik Nining....!."

Nining : "Abdi mah hoyong janten polwan bu, supados tiasa ngajaga masyarakat tur kulawarga".

Guru : "Sae geuliiis. Sok ayeuna Onah".

Onah : "Abdi mah hoyong janten bidan anu sholehah bu, supados tiasa nyehatkeun masyarakat oge ngurus kulawarga."

Guru : "Emmh, aya ku payuuuus tah cita-cita teh, Nah. Ayeuna, kumaha ari Ecin?"

Ecin : "Abdi mah hoyong muka toko grosir sembako bu, supados tiasa ngahasilkeun tur ngurus kulawarga."

Guru : "Beu, mani kayungyun cita-cita teh Cin...

Tah, ayeuna budak lalakina nya, ceuk Guru.

Guru: "Kumaha cing jang Kamsuy?"

Kamsuy : "Cita-cita abdi mah mung hiji bu."

Guru : "Memang naon cita-cita hidep teh, Suy?"

Kamsuy : "Nyandung, bu !!!"

Guru : "Naooonnn...Gustiiiiiii nu Agung, ari maneh Kamsuy kamana horeng ngajawab teh. Terus rek kasaha nyandung teh kitu?"

Kamsuy : "Nu kahiji ka Polwan Nining, nu kadua ka Bidan Onah nu sholehah,
atuh nu katiluna ka Ecin anu gaduh grosir sembako. Insya Alloh hirup abdi bakal genah sareng merenah, tur tumaninah bu guruuu."

Guru : Gustiiii Kamsuuyyy,..maneh teh cerdas mah cerdas ngan nurustunjung....sateh..!!

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Bersepeda Saat Puasa, Mengapa Tidak?

Teknik Pingpong Slow Motion

Nasi Kebuli itu begitu Nikmat